Minggu, 29 Juli 2012

Sing Enggal damang

Ceu!
sing enggal damang
sapertos baheula deui
ngobrol ngaler ngidul

Ceu
sing enggal damang
dosa-dosa ceuceu nu kalangkung
ku abdi tos dihapunten

Ceu
sing enggal damang
anak-anak ceuceu
masih ngabutuhkeun kanyaah ceuceu

Ceu
sing enggal damang
kan ceuceu anu osok gurah-geureuh
upama kuring can sholat

Ceu
sing enggal damang
apanan ngan Ceuceu sorangan anu wanian

Ceu
sing enggal damang
sing enggal sehat deui

Ceu
kuring  salaku adi teu bia kukumaha
teu bisa mantuan ceuceu

Ceu
geuningan beurat pisan kahirupan ceuceu teh
kadang-kadang kuring kakara sadar
mun ceuceu geus brek udur
sagala karasa

Ceu
anjeunnamah ayeunateh keur nabung surga
kuringmah can tangtu

Ceu
hapunten kuring

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...