Senin, 02 Mei 2016

Hayang Mobil

Jadi pagawe teh hitungan pangheulana, Ngan masalah pangabogamah sigana pangpandeurina bae. Duka kunaon naha kuring boros teuing teu bisa ngeureut neundeun duka memang pangabutuh sapopoena anu leuwih badag tibatan Batur.
Siga ayeuna, babaturan gawe geus baroga mobil kuringmah bati hayangna. Padahal mah pangala duaan.
Nabung tina sertifikasi kacokotan bae Jang pangabutuh sapopoena. Atuda kakara gajihan seminggu pamajikan geus ngoceak beak duit, teu aya Jang pangabutuh sapopoena. 

Kadang kadang teu kaharti ku akal, tapi rek kumaha deui da duit aya na tabungan ma enya anak pamajikan teu barang dahar. Nya ahirnamah teu ngumpul ngumpul tabungan Jang meuli mobil teh.
Sedihnya di tempat gawe babaturan siga nu ngahajakeun ngobrol nateh masalah mobil bae. Isin, era parada Jeung rea rea deui rasa. Rek milu mairan asa teu aya pengalaman. Ahirnamah sok cicing ngabetem.

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...