Ti mimiti bulan November ngurus ngurus persyaratan mutasi téh. Mimiti néangan info na internet surat surat lolos butuh jg sajabana, ngeprinan baé sorangan.
Lila rek pok ka Pa Undang salaku kepala sekolah teh. Asa beurat bingung campur teu puguh rek ngedalkeun pindah téh. Ka Nu Ida istri geus nyarita kumaha mun kuring pindah. Enggalkeun badé ngalihmah, saurna. Pa Kusnandar guru IPS di Cilimus ogé nananyakeun baé tulus henteuna pindah. Terakhir di hajatan Pa Arif, nanyakeun deui. Ceuk kuring téh jadi, oangnyarioskeun atuh ka si Ibuna, ke abdi nyarios ka Pa Undang.
Bari jeung beurat ogé batukna kedal lisan ka Pa Undang ngeunaan paniatan kuring pindah gawé. Pa Undang ngijinan pisan, da kuring gawé di Pancalang téh geus lila.
Geus meunang izin ti Pa Undang mah laju ka Nu Ida.
Terus ka dinas nanyakeun syarat syaratna, mimitina mah dijawab ketus teu aya peluang, ngantian redistribusi guru. Kuring nanyakeun baé syarat syaratna, nya akhirna mah di béré.
Terus ngalengkepan syarat syaratna sabisa bisa.
Salah sahiji syaratna kudu nyieun surat Hukdis hukda ka BKD, jeung legalisir SK SK sejenna, Ka Disdukcapil ngalegalisir KTP. Capé oge bur ber kaditu kadieu.
Lila oge ngantian surat Hukda Hukdis, aya kana sabulanna, alesanna mah pejabat penandatanganan keur pelatihan terus gering.
Tos beres sakalian konsultasi ka bagian mutasi BKD. Surat surat nu teu sesuai dititah diganti kunu anyar. Salah sahiji hambatan nyaéta kuring teu boga SK jabatan fungsional. Da mémang teu boga, ku Pa sabarna baheulana teu dipangnyieunkeun, jeung mémang haritamah can umum.
Geus dibebener surat téh aya kénéh nu kurang nyaéta surat bebas utang piutang. Geus lengkep mah diajukeun ka dinas.
Aya kana sabulanna meureun teu aya kabar berita, terus di sampeur ka dinas, poé kemis harita téh, pejabat na teu aya ceunah dititah datang deui poé senén.
Poé senén datang deui ka dinas, Bu Yuyun na teu aya, terus ka Kabid GTK heula, rada lila ogé seueur tamuna. Pas tos barérés nu séjénna nya kuring balaka ménta tulung oangmenrhuangkeun mutasi kuring. Pa Kabid ngajangjian akhir Januari, sing sering kontak baé saurna.
Akhir Januari di WA saurna can kamana mana berkas.
Dinten salasa mun teu lepat di bel.ku Bu Kasie umum, saurna aya berkas anu kedah ditawis ku Pa kepala. Rebo kuring nyokot berkas, terus diimunisasi di SMK 6. Kemis enjing surat ditawiskeun ka Pa Undang, langsung belenyeng ka Dinas.
Jumat di bel ku Bu Kasie berkas dikembalikeun ku BKD aya satatar nu kurang nyaéta SKP 2021 sareng SK Jafung.
Perjuangan can bérés. SMP masih diproses di BKD jeung dinas paling paling bérés minggu hareup. Ari Jafung, kuringmah pan teu boga, kudu kumaha atuh?.
Ya Alloh mudah mudahan Anjeun ngagampilkeun jalanna sareng Anjeun maparin jalan kahirupan anu saé kanggo abdi.