Kemis tanggal 19 Juli 2012 kuring jeung barudak, Ariq jeung Royyan nginep di Jagara
haritateh libur awal Ramadhon.
Kondisi Ceu Mamah beuki dieu teh asa beuki lemah, awak kari kulit jeung tulang.
Geringna Ceu Mamah teh meuni asa manjang pisan, timimiti mata beuki teu awas sampe teu ningalina, diantarana sagala kanyeri karasa, nyeri cangkeng anu kacida nyerina, nyeri beuteung anu sarua kacida nyerina, ari keur kadatangan teh sampe ampun-ampunan.
Matak ngenes ngan teu bisa total nulungan Ceu Mamah. paling paling mere duit keur berobat, eta oge henteu mayeng.
Mun ngobrol teh Ceu Mamahmah pinuh ku semangat jeung matak reugreug. Ngan basa harita nginepmah ngobrolkeun ceunah Ka Iksan meunang kamusibahan teu bisa mangkat ka Malaysia milu gawe jeung dulur-dulurna kusabab paru-paruna teu sehat. Uingmah da butuh salaki mangkat ka Malaysia teh, ceunah.
Nya ku kuring dipairan caritana, sing sabar jeung sajabana.
Peutingna Ceu Mamah tas ti cai, sigana teu kuateun ku tiris da leumpangge akhirna dipapah ku kuring, Murni jeung Emih. Tiris pisan ceunah, da memang awakna tiis pisan. Hing Ceu Mamah ceurik menta dihampura kasakabehna, behna Ceu Mamahmah sok cirigih, titip barudak ongkoh sing maot. Ku kuring Murni jeung Emih Ceu Mamah disarimbutan, dikayuputihan, kondisina alon-alon rerep terus bisa sare.
Isuk-isukna Ceu Mamah tindak nginjeum duit 20 rebu hayang pais lauk ceunah. Ku Emih dipangmeserkeun, tapi bari diemaman teh nawaran terus kanu aya, ka bapa nu teu aya oge nawaran terus. Jumaahna isuk-isuk nalika kuring keur ngagoreng sangu jang Si Royyan, Si Najma nyarita yen Ceu Mamah manggil kuring, kuring nyangka Ceu Mamah hayang sangu goreng, nya ka si Najma teh sok bae mun hoyongmah sakalian, tapi lain hayang sangu goreng tapi hayang baso ceunah.
Ku kuring dipangmeulikeun baso ka Darma, di daharnamah ku duaan jeung si Najma, ku kuring ditingaliteh Ceu Mamahna langsung ngagoler deui. Kuring teu sadar haritateh saat-saat terakhir bisa ngobrol jeung ceu Mamah.
Sabtu, 11 Agustus 2012
Langganan:
Komentar (Atom)
Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat
Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...
-
Pembelajaran Mendalam: Antara Idealisme Kurikulum dan Realita Kelas Oleh: Rahman Arifin “ Kurikulum boleh berganti, tetapi makna be...
-
Pendidikan yang Membebaskan: Antara Cita dan Realitas di Sekolah Kita Oleh: Rahman Arifin Di tengah derasnya perubahan kurikulum dan...
-
Linggarjati atau Linggajati: Antara Nama yang Salah Kaprah dan Sejarah yang Terlanjur Melekat Banyak orang mengenal “Perundingan Linggarja...