Rabu, 10 Oktober 2012

1 Agustus 2012 Ceu Mamah ngantunkeun

Ceu mamah ngantunkeun
Ahad tanggal 29 September 2012 kuring jeung pamajikan ngahaja ka Jagara nalongok Ceu Mamah.
Kabeneran Ka Ihsanna aya keur sare nungguan Ceu Mamah, Ceu Mamahna oge sare bari leungeunmah keur ngeupeul jeruk. hayang ngobrol oge kagok ku ka Ihsan. Teu sempet ngobrol, ngan pamajikanmah sempet nanya kumaha kaayaan Ceu mamah.
beuki lemah geuning kondisi awakna teh.
Senen Si Murni nga sms ngabarkeun kondisi ceu mamah beuki parah, dibawa ka rumah sakit tapi balik deui ka pusksmas da pinuh di rumah sakitna.
Poe salasa kuring jeung pamajikan ka Jagara pasosore, datangteh magrib terus bae ka pusksmas darma. Asa tenang ari aya di Puskesmah, sugan rada seger. Datang ka Puskes Ceu Mamah gundam bae, menta emuh K Link.tapi disidik-sidik biwirteh asa gerak sorangan siga anu garing. awakna dirampateh ngajerit, nyeri ceunah.
Petugas puskes geus teu sanggupeun, akhirnamah sanggeus asak badami Ceu Mamah dibawa ka RS Juanda. Dipindahkeun tina ambulan ka ranjang rumah sakit teh ngagoak, nyeri ceunah, bari nyarita awas siah maman ku aing di kacit....kuring teu sadar ngan bisa seuri maur bae, gede hate ceu mamah bisa sehat deui, laksana bisa dirawat di rumah sakit, kahayangmah tibaheula mawa ceu mamah ka rumah sakit teh.
sanggeus masuk kamar Kemuning III kelas 3 kuring nungguan sakeudeung terus bae amitan balik ka sampora, masalahna isukan rek gajihan jeung aya jadwal ngajar. Nu tunggu haritateh A Ihsan, Hamam, jeung Emih. Sugan waras deui ari di RS mah.
Isukna kuring ka sakola, ngajar sampe siang, gajihan terus jam 12 balik ka imah, rek ka rumah sakit teh bet asa hoream. Si Arik mementa dipangmeulikan sapatu anyar ongkoh.
keur marales, laleuleus emih ngebel, ceunah Ceu mamah kudu ka ICU. kuring pusing jang mayarannana, sanggeus badami bari pusing daripada asup ka ICU mah mending dibawa balik bae, teu teganamah teu tega, hayang ngajurungkeun Ceu Mamah nepi ka sehatna, kahayangmah beban teh ulah ditanggung sorangan, A ihsanna kudu nu nyanggupan ka ICU tangtuna jeung biayana oge. tapi meureun A Ihsan ge duit timana, sagalana geus nyerahkeun ka Emih jeung ka kuring.
Males-males ge kuring, pamajikan, si Ariq jeung Si Royyan mangkat ka Kuningan, ari niatnamah rek meuli sapatu jang si Ariq sakalian ngilikan wa Mamah.
Ari barang datang ka RS geuning asa beda, asup ka ruangan ceu Mamah tinggal renghap ranjugna anu terus dibimbing ku si Hamam. saeutik-saeutik napas teh leungit renghapna. Inalilahi wa ina ilaihi rojiun. Ceu Mamah maot tos dipundut kunu Kagungan. Pileuleuyan Ceu! Saur Emih Ceu Mamahmah ngaos bae bade maotteh meuni tarik, naroskeun bae tos solat ta encan.
Disangka rek manjang geuning ngan nepi ka dieu, tapi titis tulisna tos ditangtoskeun ku Alloh, ngan hapunteun teu tiasa maksimal ngabantu Ceuceu dina ngalawan panyakitna.
Umur Ceuceu 42 tahun leuwih sabulan duka kuring, mung kahoyongmah bisa ngurus jeung ngabagjakeun kolot heula boh Emih boh Bapa. Hayang mangkatkeun ka hajina, hayang mang ngaropeakeun Bumina anu waktuna geus kudu diropea.
Alloh, hapunten abdi.

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...