Senin, 22 November 2021
Rabu, 17 November 2021
Ceu Mamah
Ceu Mamah teh lanceuk kuring hiji-hijina. Manehna mah boga prinsip kuat pisan, bisa mawa warna sejen ka kulawarga kuring jeung sabudeureunana. Anu mimiti dakwah jilbab nya lanceuk kuring sorangan anu meunang sokongan ti bapa jeung ti anggota kulawarga sakabehna.
Nikahna ceu mamah oge beda jeung urang lembur sejenna, anu mimiti aya pemisahan antara tamu awewe jeung tamu lalaki nya di hajatan nikahna Ceu Mamah. Pokona ceu mamah anu mimiti ngenalkeun pemahaman anyar ka Islaman di lembur teh. Nu sejen saeutik-saeutik nurutan, akhirnamah komunitas jilbaber di lembur jadi loba.
Tapi ngabandungan kahirupanna saprak geus nikah, matak piwatireun bae, matak nyuruluk cimata indung jeung duduluran. Hirupna sangsara teh bener-bener sangsara.
A Ikhsan salakina ngan saukur purah ngabantuan dagang di batur, anu gajihna teu sabaraha, da Ku emih jeung ku Bapa tiap bulan sok diilikan ka Indramayu teh matak pikawatireun. Balaka-balaka anyar anyar ieu, ceunahmah sering teu dahar da salaki teu beubeunangan balik ti pasar teh.
Kuring oge osok ngilikan, ngilik lanceuk jeung ponakan Syahidah jeung Rifki. Barungaheun pisan ari kuring datang teh, da ku kuring sok di ajak jalan-jalan jeung di jajanan.
terakhir ngilik ka Indramayu teh basa si Idris SD kelas 1, si Idris sagede keneh si Royyan. matak sedih ngabandunganana, lain caritakeunen. Si Idris dibawa balik ka Jagara, budak teh cenghar bungah diajak ka Jagara teh.
Ningali kahirupanna teu aya parobahan, ku emih jeung ku bapa ceu mamah dititah hirup bae di jagara, da di jagaramah dieuweuh-euweh oge bareng jeung kolot, aya kebon anu bisa ngabantu-bantu jang daharmah. Jeung kabeneranna deui Ceu Mamah teh gering nyeri saawak-awak, hese digerakkeun katoel oge paur.
Bet ayeuna panyakitna datang deui, ngajerit mun katoel paur jeung nyeri ceunah.
Samemehna geus dicurigai ku tabib aya kanker otak ceunah, paningalna beuki poe beuki ngurangan, ayeunamah geus teu ningal pisan, dina pipi handap siga ngabareuhan. awakna beuki ka dieu beuki orot.
Sababaraha bulan ka tukang ceu mamah tos nikahkeun syahidah, matak karunya oge caritana, teu boga duit teh bener bener teu boga duit. da a ikhsan na oge ari datang teh ngan mamawa receh satengah keler leutik, boro boro mahi jang biaya kahirupan sabulan, jang jajan barudakna oge kurang pisan.
Pusing rek ngawinkeun teh, duit ti mana tuda, iwal ti ngantian pamere ti pihak lalaki.
teu tega, ku kuring sahidah dibere 500 rebu dititah balanja perlengkapan jang nikah, Ceu mamahna dibere nginjeum 4 juta. A Ikhsan oge meunang injeuman ti babaturanna 3 juta, tapi kudu geuwat digantian.
Akhirnamah duit injeuman teh bisa dikokolakeun jang hajat, eta oge teu ngondang-ngondang, ngan uyuhan tamu kenalan sahidah jeung a iksan meuni ngabrul.
Ti pihak lalaki mere 5 juta, itung itung hajat beak 7 juta. 3 juta dipulangkeun ka babaturan a Iksan, 2 juta dipulangkeun ka kuring. nu 2 jutanamah ku kuring dibikeun bae da kuring oge milu barang dahar, jeung itung-itung nyumbang. beres hajat teh geuningan duit kaondangan ti duduluran a iksan teh dibawa kabeh ku ka iksan, jamng ceu mamahmah teu ninggalan sapeser-peser acan.
Ti harita emih rada ambek ka a iksan, ku emih dijentrekeun hutang-hutang a iksan, kurut lahiran si najma bae anu ayeuna geus umur 6 tahun can bayar ka Mang tarmin, 2 juta gedena, astaghfirulloh! rek bayar oge da euweuh duitna meureun.
ayeuna ceu mamah katarajang deui panyakit nu baheula, nyeri paur saawak-awak, awak beuki ngorotan, kuring can bisa ngabantuan, paling-paling ngeupeulan jang jajanna, etage teu sabaraha. Kuring hayang nulungan Ceu Mamah tapi kuring oge loba keneh pangabutuh. Kuring can boga imah, hirup masih numpang di mertua, kuring can bisa laluasa nulungan ceu mamah. Tapi kuring hayang nulungan, Maenya boga lanceuk geus teu walakaya, kuring cicing bae teu nulungan. Alloh pasihan abdi kakiatan kangge nulungan ceu Mamah. ya Alloh sehatkeun deui Ceu Mamah, katiasa ningali deui, ka sehat deui, sareng paparin rezeki anu cukup. Amiiin.
Selasa, 16 November 2021
reuwas kareureuhnakeun
Ngajar téh geus aya kana 23 taunna, timimiti ngajar geografi sesuai jeung ijazah ti IKIP Bandung. Tapi kadang bari ditambahan ngajar matématika, basa Sunda atawa agama. Masing geus lila ngajar ogé angger kudu diajar heula mun rek ngajar téh.
Saprak sertifikasi aya kawajiban ngajar 24 jam, tapi ku sabab guruna tiluan ari kelas ngan 12. Jam IPS teh kurang baé, diakalanna guru IPS wajib ditambahan jam tambahan sebagai Wakasek. Ari keur kabagian 4 kelasmah teu kesel teuing, ari beuki dieu kelas beuki ngurangan, antukna sok kabagean 3 kelas, kabayang keselna. Makana aya pamikiran neangan sakola nu jam IPSna loba.
Aya beja Nu Umiyati pangsiun, jorojoy aya niat sugan pindah baé ngajar téh ka Cilimus 1.
Kabeneran pas acara kunjungan ka SMPN 2 Cirebon samobil jeung Pa Kusnandar, terus nanyakeun kumaha mun kuring pindah ka Cilimus. Sok baé ceunah aya jam 20, komo ke maretmah H Neni pangsiun. Ku babaturan samobil guru guru IPS disemangatan supaya ngurus ngurus kapindahan.
Asa ragu rek pindah téh, betah di Pancalang dua, jeung guru guruna geus asa jeung dulur, geus teu asa asa deui. Lila mikir antara keputusan pindah jeung henteuna.
Sabulan ti harita pajeueung jeung Pa Kusnandar di hajatan Pa Arif, manehna nanyakeun kumaha jadi teuna pindah téh. Ku kuring di jawab ke nyarios heula ka Pa kepala, Pa Nandar pangnyarioskeun Ka Bu Kepala. Siap ceunah malahmah tos ngobrol sareng Bu Eha, enggal ceunah rek ngalihmah, di Cilimus butuh guru lalaki.
Perang Sabil rek bebeja ka Bapa kepala téh. Timbul deui semangat sanggeus pamajikan WA an jeung Bu kepala. Enggal Neng badé ngalihmah kabujeng kunu sanés.
Hese pisan rek kedal ka Pa kepala teh. Akhirna mah Salasa ngahajakeun kedal lisan menta surat lolos butuh. Pa kepala ngadorong pisan, sebagai penghargaan geus bakti salila 29 taun ceunah. Ari beuratmah beurat tangtuna oge ngaleupas kuring téh, tapi demi kebaikan sarerea, si bapa ngidinan pisan. Tos yakin Pa Rahman?
Mun tos yakin ku abdi di tawis.
Saatos di tanda tangan kuring langsung Ngebel ka Bu kepala, jam 1 supaya salse ceunah. Kuring langsung ka Kuningan ka dinas nanyakeun sarat saratna.
Tapi ceuk bu kabid téh, loba pisan anu antri jeung numpuk can digawean, masalahna nunggu proses penempatan P3K.
Duka yeuh naha bakal lancar sukses atawa gagal.
Keur kitu meunang WA murubut ti Bu Nani bari ceurik, nganaha naha make pindah ke kain hati ceunah, bisa kabengbat ku Cilimus, mun euweuh Pa Rahman kumaha. Panjang pisan nganaha naha jeung manghanjakalkeun.
Atuh milu ceurik asa sedih.
Padahal can nanaon acan kakara bida paniatan, syarat syaratna ogé rada rieut. Mudah mudahan mah digampilkeun sareng kenging pangalaman anu mangpaat kanggo sadaya boh ka kuringna boh kanu sejenna oge. Mun rek dipikiran baémah matak paur, sampe pusing jeung panas tiris ngadégdég, kumaha kahareupna.
Ya Alloh abdi nyuhunkeun tulung ka Anjeun tungtun abdi kana jalan anu lempeng sareng saé kanggé abdi kapayunna.
Rabu, 10 November 2021
Salah perhitungan
Masing umur geus rek 50 taun, tapi panyakit teh teu waras waras. Sugan téh ari beuki kolot mah panyakit téh bakal waras.
Salah perhitungan, jeung pangharepan kosong, sok dijadikeun alesan kuring pikeun henteu ngalakukeun hiji perkara.
Katambah ku lingkungan anu deukeut teu ngadukung. Sabenernamah kuring perlu dukungan ti jalma nu pangdeukeutna, jang ngabebener haté.
Tapi sigana sarua jalma nu pangdeukeutna ogé boga panyakit siga kuring.
Akhirna kuring kudu bisa ngobatan sorangan, kudu bisa ngarobah sorangan, tapi ulah sampe ngalanggar kana papagon agama.
Hayang ceurik, teu kuat, asa eungap dada, ngandel jeung beungeut sorangan, jeung mepende ngabeberah haté sorangan.
Ya Alloh, tulungan abdi, upami Anjeun teu nulungan tinangtos abdi kalebet jalma jalma anu rugi.
Hapunten abdi, sepuh sepuh abdi, duduluran abdi.
Rabu, 12 Mei 2021
Selasa, 11 Mei 2021
Sawah Depok
Sawah Depok
Sawah Depok teh perenahna di kalereun lembur, jauh kaditu kadieu, bari jalanna tarahal pisan, mun nanjak nanjak pisan, mun mudun, mudun pisan.
Aya tilu jalan ka sawah Depok teh anu kahiji ngaliwatan kampung Ciabot terus ka mumunggang pasir, tidinya atra pisan gunung Saeuti hareupeun pisan, Gunung Saeuti téh ceunah mah puncak Gunung Ciremay anu dicomot terus congclokeun ku para wali duka jalma sakti di wewengkon Cipulus.
Sawah Depok jauh ngalengkob dihandap pisan, katingali semu biru ku tina jero jeung jauh meureun.
Jalan kadua ka Cikalong terus nanjak ka mumunggang pasir.
Jalan katilu ti Cikalong malipir mapay sawah ka beulah wétan, teu mudun teiung, rada rata tapi jauh.
Ari ka Depok teh mun Ema panen, sok mantuan ngangkutan paré, teu poho milu balakecrakan di sawah jeung nu paranen. Daharnamah paling sambel terasi, lalab lalaban, lauk asin jeung celem dage. Tapi nikmatnya moal aya tandingna.
Nikmat manakah yang kamu dustakan?
Nikmat pisan, keurmah tos jalan jauh, mudun tuturubun teu aya anggeusna, teu bisa ngimbangan mah bisa bisa ngagorolong sorangan ka handap.
Balikna wayahna kudu mawa paré sakarung. Sok dipanggul atawa dijinjing paré téh, da nanggung mah teu bisa bisa datang ka ayeuna ogé.
Seunggahna mun balikna, anu tadina turun tuturubun téh ayeuna kudu nanjak ngahegak sababaraha kali ngeureunan, bari jeung babawaan beurat, bari sok inget kana carita kolot dijalan etateh sok aya oray dogdog sagadé tangkal kalapa ceunah. Bari rada sieun sieun ogé dikeureuyeuh bari panon mah tempa tempo ningalian pemandangan anu endah pisan.
Sapanjang jalan dédéngéan asa laleungit, nu kadéngé ukur rénghap napas nu pacampur jeung késang nu ngucur saawak awak. Kadang kadangmah sok hawar hawar aya anu pating careluk patembalan di sawah.
Sampe ka mumunggang biasana eureun rada lila, diuk heula, nyanghunjar heula bari ngatur napas supaya normal deui, gegeber awak make dudukuy atawa baju nu diudaran. Kadang kadang bari lalangkarakan ningali langit anu biru dihias ku mega bodas. Mun geus rada seger jeung jagjag kakara perjalanan diteruskeun ngaliwatan kebon jeung lembur Ciabot. Tidinyamah sakeudeung deui sampe ka imah.
Mun boga modal mah Sawah Depok cocok pisan dijadikeun obyek wisata, sawah nu endah di lengkob anu jero, mun urang ningal ka arah Gunung Saeuti, umpagan sawah ngabaris ngajajar luar léor turun reki éndah pisan.
Cigede Cisanggarung ngaguludag anu engkéna nyambung ka Curug Bangkong anu viral téa, beulah tonggoh aya curug endah bertingkat ngan teu luhur teuing, duka curug naon ngaranna, curug Depok sugan, anu engkéna bras ka pembuangan cai ti Waduk Darma.
Mun keur rada saat urang bisa ulin di Cigedé, mandi jeung lalayaran. Loba oge kekembangan disisi Cigedé. Kembang liar nu araréndah. Di tengah tengah aya hunyur, ceunah mah aya makam karuhun, etamah tara kasaba, diantep baé dileuweung keun.
Hiji waktumah hayang ngajak anak pamajikan ka dinya bari jeung poto poto, terus diaplod na media sosial, pasti kabaritaeun harayangeun ka Sawah Depok.
#kaendahanSawahDepokJagara #Pangalamankeurleutik
#hayangkaDepokJagaraanuendah
Langganan:
Komentar (Atom)
Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat
Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...
-
Pembelajaran Mendalam: Antara Idealisme Kurikulum dan Realita Kelas Oleh: Rahman Arifin “ Kurikulum boleh berganti, tetapi makna be...
-
Pendidikan yang Membebaskan: Antara Cita dan Realitas di Sekolah Kita Oleh: Rahman Arifin Di tengah derasnya perubahan kurikulum dan...
-
Linggarjati atau Linggajati: Antara Nama yang Salah Kaprah dan Sejarah yang Terlanjur Melekat Banyak orang mengenal “Perundingan Linggarja...