Jumat, 30 Maret 2012

BBM naek deui

BBM duh BBM
panguasa hayang naekkeun harga BBM
rakyatmah geus miris ngadenge BBM rek naek teh
masalahna lamun BBM naek lain BBM wungkul nu naek
tapi hahargaanmah nu sejen oge milu nerekel naek
jeung naekna tara saeutik-saeutik

harga cabe beureum
tarasi
beas
lauk asin
naraek
da ongkos mobil oge naraek
naon atuh nu turun?

baruk ari nagara urang teh nagara beunghar
beunghar ku pakaya
beunghar ku kakayaan alam
nu di jero taneuhna kayaning rupa-rupa barang tambang
nu diluhur lahahanna kayaning pepelakanna jeung sasatoanna

indonesia teh lubak-libuk loba harta
bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah
tapi rakyatna loba keneh nu miskin
anu hirupna peurih sangsara
nyatu isuk henteu sore
loba rahayatna nu teu sarakola
lain pedah bodo jeung teu hayang sakola
tapi pedah teu boga duit

di dieu di indonesia euweuh nu gratis
kabeh kudu dibeuli
mun bisamah sigana hawa udara jang napas oge rek dibungkusan
terus dijualan ka rahayatna.
tinggali di lembur
tingali di kota
henteu sakabehna beunghar jeung mampu

loba keneh anu hayang duit sarebu oge meuni hese beleke

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...