Jumat, 30 Maret 2012

Sidang DPR

Sidang DPR
loba omong
kabeh hayang ngomong
memang kudu kitu
lamun kahayang can kacumponan

ulah cicingin
mun cicingeun kahayang moal kalaksanakeun

DPR teh Dewan Perwakilan Rakyat
memang bener nu dariuk di Dewan
geus ngawakilan rakyat boga mobil alus
imah alus
gaji alus
anak-anak nu aralus
rubiah nu aralus
pakaian
perhiasan
kabeh nu aralus

nu butut?
no way!

Pait peuheurna kahirupanmah
mangga bae kanggo rahayat
nu diwakilkeunmah wios anu arenakna bae!

nu pinter teu bisa sakola kusabab teu boga duit
kajeun teuing
nu penting anak-anak dewan bisa sakola di sakola Standar Internasional
anu mahal SPP na.

rahayatmah balanja di pasar nu bau heurin jeung becek
kajeun teuing
nu penting anggota dewan mah balanjana di mall jeung hipermarket
anu jalma miskinmah moal ngimpi-ngimpi acan asupna oge


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...