Kamis, 24 Mei 2012

can boga keneh bae

rumah tanggana geus aya kana dalapan taunmah.
manehna geus boga dua anak lalaki kabeh, kahayangnamah boga anak teh rada loba, tapi kusabab ngabandungan pamajikanna ripuheun pisan ngurus indung bapana, ngurus adina, ngurus anak-anakanana jeung ngurus sagalana, manehna rada mikir, sugan engke mun geus boga imah sorangan nambahan budakteh.
nilik kana manajemen keuanganna memang goreng pisan, manehnamah teu bisa simpan simpen siga batur anu jleg dijaradikeun imah jeung kandaraan.
sabenernamah manehnage lain teu bisa-bisa teuing ngamenej keuangan rumah tangga. nu jelasmah pangabutuh kulawarganateh aya bae.
nginjeum ka bankmah geus sababaraha kali, anu kahiji rencanana jang kawin, kusabab kawina gagal duitna kumanehna dibeulikeun kana motor, anu kadua nginjeum sarua dipake meuli motor, kusabab motor anu kahijina aya nu maling.
injeuman ka tilu dipake biaya kawin, alhamdulillah bisakawin bari jeung teu nyusahkeun kolot rarasaanmah. injeuman ka opat dipake biaya operasi bapana.
pangala pamajikanana oge sarua, gajihna digadekeun ka bank, injeuman kahijimah jang ngarenovasi imah kolotna jeung biaya operasi berobat indung bapana, injeuman kadua dipake ngawinkeun adina.
ningali baturmah nu geus boga imah jeung kendaraan aralus hiji dua tilu, ari manehnamah nepi ka ayeuna can boga keneh imah.
sing sabar bae nya, rizkimah geus aya nu ngaturna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...