Kamis, 24 Mei 2012

deudeuh matak karunya

manehnateh urang kampung bau lisung jauh ka bedug dusun kabina bina
padahalmah manehnateh geus boga gajih sorangan anu ukuran kampungmah cukup
tibaheula manehna hayang dankin donat, hayang kfc, hayang pisahat
keur manehna can boga pangalamah, manehna sok mindeng bulak-balik nengeng ka jero toko dankin
geus buleud niat rek asup tapi rumegog deui dusunna kaluar
akhirnamah manehna sok ngasaukur ngambeuan melenghirna dankin anu seungit susu.
tapi ayeunamah manehna geus wani asup jeung meuli saprak diajak ku babaturanna ngawedang di dankin
kfc oge ayeunamah manehna geus wanieun meuli saprak anakna keukeuh menta dipangmeulikeun
mimitinamah manehna asup ka tokoteh rada ngadegdeg, maklum urang kampung
ari geus biasamah manehna teu pati dusun teuing
ngan ayeunamah manehna sok rada mikir mun asup kadinyateh kudu boga duit rada loba.
tinggal ka pisahat anu can kalaksanakeunmah, era ceunah basanateh
ari ngasaanmah enggeus basa aya nu mere, teu enak-enak teuing sih, biasa bae.
ngan ayena manehna hayang ngasaan meuli sorangan, ngan can laksana bae. era basanateh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat

Kampus Daerah UPI dan Ikhtiar Menutup Ketimpangan PTN di Jawa Barat Ketimpangan pendidikan tinggi negeri (PTN) di Pulau Jawa bukan sekada...